Pilihan Editor

Sang Pendidik Dalam Untaian Syair

"Sang Pendidik dalam Untaian Syair" adalah sebuah karya yang menghimpun puisi-puisi yang menggambarkan dedikasi dan peran penting ...

Léléngkah Halu


Léléngkah Halu
Antologi Carita Pondok
Guru jeung Siswa SMKN 2 Sumedang

Ditulis Ku
Aan Maryati Andriani, A.ma. Pust., S.Pt. spk.

Éditor Ku
Yogi Permadi, S.Pd., Néng Yayas Ismayati, M.Pd., jeung …..

 

Tata Eusi                     : Keuis Siti Aisah

Rancangan Jilid       : Heza Hara

Medal Munggaran : Maret 2025

QRCBN                        : 

Salah sahiji program literasi di SMKN 2 Sumedang nyaéta aya “Nubar”. Nubar téh ngandung harti “Nulis Bareng”. Dina program ieu téh guru jeung siswa diperedih bisa ngaronjatkeun kamampuhna dina widang nulis, boh nulis dina basa Indonésia, boh dina basa Sunda. Ku ayana buku “LéLéngkah Halu” mangrupa bukti anu ngawujud dina upaya ngarojong program literasi sakola, hususna program “Nubar”. Hal ieu sajalan jeung program inovasi SMKN 2 Sumedang dina ngawujudkeun sakola minangka “Transformasi Sekolah Menjadi Rumah Baca Yang Menyenang-kan: Program Literasi 360”.

Buku “Léléngkah Halu” mangrupa tarékah pikeun ngahu-dang sumanget diajar hususna kana basa Sunda di SMKN 2 Sumedang. Sok komo deui buku ieu téh hasil karya guru jeung siswa. Buku “Léléngkah Halu” ogé dipiharep bisa jadi cukang lantaran para tuturus bangsa leuwih mikanyaah kana basa jeung budaya Sunda.

Kuring miharep buku “Léléngkah Halu” henteu ngan saukur buku munggaran anu dikarang dina basa Sunda ku civitas akademik SMKN 2 Sumedang. Tapi ieu téh léngkah munggaran dina ngawujudna karya-karya séjén. Bakal loba deui buku-buku Sunda anu dicitak kahareupna.

Simkuring ngahaturkeun nuhun ka sadaya pihak anu geus ilubiung dina medalna ieu buku, ti pihak guru, siswa, jeung warga sakola anu geus ngarojong kana program literasi sakola. Teu hilap ogé ngahaturkeun nuhun ka Tim Literasi Numerasi SMKN 2 Sumedang anu teu kendat-kendat ngarojong boh moril, boh matéril pikeun kamajuan program literasi jeung numerasi di sakola. Mugia kapayunna seueur program-program literasi jeung numerasi anu langkung inovatif deui.

Pamungkas, mugia ku ayana buku ieu bisa jadi inspirasi, ngarojong minat maca, jeung umajak ka sadaya pihak pikeun ilubiung dina ngawujudkeun pendidikan anu unggul.

Subscribe to receive free email updates:

Related Posts :

0 Response to "Léléngkah Halu"

Posting Komentar