Yasana Queen Erni
18
“Deuis, pang malik-malikkeun ranginang
di luar." Ambu ngagero.
Kuring yakin, Ambu lain
satitah-titahna. Tapi mèmang ngahaja, sangkan kuring teu kudu ngajawab patanyaan ti Abah. Kuring balik deui
kana méja makan. Ngaregot cai anu meunang niiskeun. Suruput-suruput, cai diuyup. Masih rada panas. Kuring
langsung ka luar imah. Sendal capit héjo anu Ambu dipaké.
Kurajin Ambu mah, nyieun ranginang sok
ku sorangan. Ukurannana sok béda tinu séjén. Laleutik, lalucu. Teu cara batur, bentukna ngago-déblag ngarangkadak.
Hanjakal bakat rajin jeung pinteran masakna,
teu nurun ka kuring. Satengah ngalamun, kuring malik-malikkeun
ranginang.
"Gening nuju aya di dieu,
Néng?"
Kuring nempo ka nu nanya. Singhoréng
Bu Nining, tatangga sabeulah.
"Eh, Ibu... Muhun, Bu... Sono ka Ambu."
"Badé ngawengi?"
"Inshaallah, Bu... Ibu badé ka mana? Sin-dang heula atuh..." kuring basa-basi.
"Biasa we, ka warung, Néng... Muhun mangga, Inshaallah," saenggeus paamprok ramo, Bu
Nining ngaléos.
"Ngendong Deuis?" sora Ambu ujug-ujug aya gigireun.
"Wios, nya, Ambu..." kuring tungkul, teu wani ningali ka Ambu.
"Asal diijinan ku Si Papah."
"Alhamdulillah, dipiwarang malah,
Mbu."
"Enya keun baé, ari kitu onaman
atuh."
Ambu ngaléos. Kuring ngarénghap napas.
Ngemplong. Da jeung saenyana pan, kuring dititah indit ka imah Ambu. Teu salah
kuring mah.
Duka teuing kumaha Ambu nyarios ka Si Abahna, da pas kuring
asup ka imah deui téh, Abah teu tetelepék tataros masalah Si Papah. Ngemplong sih
ngemplong, tapi angger wé lantaran kuring mah geus apal médan, kaayaan kitu
téh, justru hutang keur kuring pikeun jujur nyaritakeun sakabéh permasalahan,
ti enol nepi ka peun. Sabenerna mah kuring gé matak balik téh, rék balaka, tinggal
nungguan waktu nu paling pas pisan,
pikeun nyaritakeunnana.
Kasampak Abah sareng Ambu anteng
narongton tipi. Sok matak sirik mun ningali. Rarasaan, asa jarang Abah sareng
Ambu paraséa, sakanyaho mah. Èstuning adem ayem. Padahal, apal sorangan kumaha
jaman baheula ti mimiti ngadeukeutan,
nepi ka rarabi. Èstuning natural. Dina dijodo-jodona gé, ngaguluyur. Sababaraha
detik kuring anteng na lawang panto merhati-keun duanana. Saterusna, kuring asup
ka kamer.
Ngagolédag kana kasur jeung bantal
kapuk. Nikmat pisan. Nangkarak bari nyawang, melong kana lalangit kamer. Inget
ogé ka Si Papah.
Teu bisa dibohongan. Boa ayeuna keur jalan-jalan jeung Si Sofia.
Gebeg.
Duh, kuduna mah, kuring mérésan heula
barang nu aya di imah. Ras wè kuring inget kana cepuk sagedé jeung siga sabun
giv, bahan tina pérak, wadah perhiasan. Sok sieun dibikeunan ka Si Sofia. Maklum ari lalaki,
paling ampuh sigana téh ngolo awéwé ku emas. Wadul, mun ngolo awéwé jaman
ayeuna cukup ku ngan
saukur kembang sabeungkeut. Kabala-bala. Ngaruntah.
Duh, jadi teu genah haté. Balik waé
kitu, jang nyokot cepuk éta... Mangkaning
neundeun-na
gampang ditéangan. Konci lomari gè, Si
Papah apaleun, sok diteundeun luhureun lomari.
Astagfirullahaladzim, kuring teterusan
goréng sangka ka Si
Papah. Tapi mecak rék suudzon gé, ningali kalakuanana ka kuring geus wani kitu
patut, moal teu mungkin wani ngaro-gahala
perhiasan nu kuring gè. Jaba jumlahna lumayan. Komo aya emas paméré ti kolot.
Aduh!
Rék balik heula, meungpeung karék jam
opat, kumaha ngomongna ka kolot, jaba sabe-nerna
mah, can wani momotoran ka nu jauh ayeuna-ayeuna mah. Maklum haté can stabil,
masih can normal. Sieun cilaka di jalan. Tapi mun teu balik, kuring teu
ngajamin barang nu aya hargaan, bakal tetep aya di imah.
Maklum anu keur begér, sagala hayang
ka uja uning, alias kapuji. Karek sadar, memang geus béh ditu penampilan Si Papah jadi beuki nècis,
tapi asa dingora-ngora. Beuki sportif, casual. Boro atoh, boga salaki beuki
bisa mapan-tes
manéh. Singhoréng, ngarah kataji ku kabo-gohna.
Sedil. Kuring jadi riweuh teu puguh, nimang-nimang antara balik ka imah heula,
atawa diisukkeun. Sirah asa ngarieutan deui. Duh, biasana mah ku disarékeun gè
bakal cageur, tapi kieu carana mah, bangun moal parélé.
"Ambu, Nyondong
landong rieut?" kuring
ka luar kamer bari ngajenggutan buuk, roman muringis.
"Tingali wè di kotak obat, aya asana
téh" saur Ambu,
bari nunjuk kotak obat nu aya di gigireun lawang panto ka ruang makan.
Gidig kuring ngagidig. Tuluy muka
kotak obat anu ngagantung. Aya obat mérah, perban jeung babaraha hiji ubar.
Geus diilikan hiji-hiji, ahirna, meunang oge anu dipikahayang.
"Aya, teu ubarna?" ceuk
Abah.
"Aya, Bah... Teu kiat rieut."
"Samemeh ngadahar ubar, salat
heula, engké mah bisi kasaréan."
"Muhun, Bah... Ieu gè badé abdas."
Ubar disakuan. Niat rék salat Asar
heula, méh jongjon.
Waktu kuring bérés abdas, Ambu ngam-pihan ranginang anu keur
dipoé.
"Kin atuh, Ambu... Ku Deuis waé ngam-pihan ranginang mah, jaba
nyiruna beurat." pok téh, asa teu téga ningali Ambu mawa nyiru badag, eusi ranginang atah.
"Keun baé da biasa Ambu mah... Apanan Deuisna gè
rieut."
Kuring teu bisa deui ngajawab.
"Abah, atuh bantosan Ambu!" kuring teu neruskeun
omongan, soalna pas ningali ka Si
Abah, Si Abah
tos ngaguher deui waé.
Emh, deudeuh teuing. Geus kolot mah,
nya teu kaop cicing, ngaguher deui. Abah geus mimiti balik deui ka kalakuan
orok. Loba ngagu-herna.
Kuring istighfar na jero haté, tadi wawa-nianan
nitah ka Si Abah.
***
0 Response to "KABELEJOG ASIH - Bagean 18"
Posting Komentar