Pilihan Editor

Sang Pendidik Dalam Untaian Syair

"Sang Pendidik dalam Untaian Syair" adalah sebuah karya yang menghimpun puisi-puisi yang menggambarkan dedikasi dan peran penting ...

KABELEJOG ASIH - Bagèan 16

Yasana Queen Erni 

16

Karasa awak aya nu mayang. Kapaèhan sih henteu, soalna masih kadéngé kénéh jelema ting haréwos. Kadéngé kénéh aya sora ibu-ibu anu semu mangkeuheulkeun. Kuring disarékeun na korsi sofa, nu aya di toko emas Sagara. Masih kénéh lenglengan. Aya sora lalaki anu ménta minyak kayu putih. Tuluy aya sora anu hideng pangampihankeun tas.

Sirah asa pinuh ku cika-cika, beurat, oge panon asa digantungan barbel. Lalaunan kaang-seu minyak kayu putih. Téténjoan mimiti ray béngras. Lalaunan katempo loba jelema anu ngarogrog. Cipanon karasa haneut, ngeyembeng na kongkolak panon. Lalaki anu gigireun, nyusu-tan cipanon. Sigana anu milu mayang. Dada kuring mimiti naék turun, émosi mimiti kapan-cing deui, ari ras inget kajadian. Sirah karasa aya anu mencétan.

"Buuu... Tos émut...?" Ibu-ibu anu men-cétan sirah, nanya lalaunan.

Kuring ukur unggeuk saeutik. Lalaki anu tadi inisiatip mayang, menerkeun posisi kuring sina rada diuk. Awak pasiksak. Areungap ongkoh, dirogrog ongkoh. Si Enci nu boga toko, nitah méré nginum ka nu ngarogrog. Song gelas palas-tik warna bodas, diasongkeun ka kuring. Kuring narima, bari leungeun ngadégdég, leuleus ku itu ku ieu. Raramo karasa rada haneut. Haneut nu na gelas palastik, pindah kana dampal. Regot cai haneut ngabaseuhan tikoro nu garing, tangtu milu nalangsa. Saeutik-saeutik nungarogrog ngurangan. Hawa karasa leuwih ngeunah, teu areungap teuing kawas tadi.

"Ibu nganggé angkot, atanapi mobil?" ceuk ibu-ibu.

"Motor, Bu." tèmbal kuring, curuk nun-juk motor nu diparkir peuntaseun toko. Kabéh nuturkeun curuk kuring.

"Duh, pami ibu keresa mah, teu sawios dijajap ku abdi, hawatos." sora lalaki nawaran mani simpati.

Aya benerna ogé. Kuring moal maksa-keun balik sorangan. Kajeun muruhan. Asa teu walakaya, mun kudu mawa motor dina kaayaan kieu mah. Bener-bener teu sanggup. Duh, sok komo mun inget kana ucapan Si Papah, sangkan kuring balik ka ambu.

Ya Allah.... Ambuuuuu, hapunten Deuis, kieu geuning gaduh anak tèèèh. Batin ceurik maratan langit, ngocéak maratan jagat. Sok emut ka ambu, anu sok nyebut Deuis ka kuring, padahal manéhna masihan jenengan kuring teh, Sofia. Saking ku nyaahna. Deuis téh geulis, cenah.

Duh, kabayang mun Ambu apal carita kahirupan kuring kieu. Curucud cipanon teu bisa kabendung. Rumasa, ari keur kieu, karasa pisan hirup lamokot dosa, ka nu jadi kolot. Boraah ngabagjakeun, kadua mulang tarima, geuning kalahka milu nganyenyeri haténa. Duh Pangéran, hapunten abdi. Kabayang raray Ambu jeung Abah anu geus kawilang kolot. Duanana éta nu matak kuring sumanget hirup. Da sidik teu boga turunan. Kabayang rajétna haté kolot. Sok komo kuring anak samata wayang. Nu bener-bener ditanggeuy asa ka nu endog beubeureumna. Kuring ngagukguk.

"Bu... Sing sabar... Bilih badé ka bumi abdi heula atuh." ibu ibu anu simpati kana kajadian kuring, ngabuyarkeun lamunan kuring.

Song ngasongkeun tisu.

Kuring langsung narima tisu. Cipanon disusutan, sangkan ulah ngaburubut teuing.

"Hatur nuhun kana kasaéan ibu, Bu..." sora kuring ngageter... Rongkah, pinuh ku rasa sedih.

Haté masih bimbang, antara balik heula ka imah, atawa langsung ka Ambu. Duh, éta Si Papah mani béntés pisan nitah balik ka Ambu téh. Siga cai ngagolontor. Teu pisan-pisan ngaragap rarasaan pamajikan. Bener-bener éta awéwé geus moékkeun alam pikiran Si Papah.

"Ibu uihna ka palih mana?" tanya tukang roko, bari ngajaga kios leutikna, nu némpél ka tukang emas.

Kuring nyebutkeun alamat kolot. Enya, haté geus paheut, rék langsung wé ka bumi Ambu. Urusan geus di ditu mah, kumaha engké wé. Sirah masih beurat, ngan awak teu pati ripuh teuing. Tapi kuring rék maksakeun balik ka imah. Sakumna nu aya di dinya, mimiti balubar saeutik saeutik. Tinggal 4 urang nu masih di gigireun. Lalaki anu milu mayang, ibu-ibu anu nawaran balik ka imahna, jeung bapa-bapa nu boga kios roko leutik. Si Enci wé.

"Hayu atuh, bilih bade uih ka bumi abdi," ibu-ibu anu maké tiung kekembangan, bangun melangeun.

Ari keur kieu, mani asa boga lanceuk. Duh Pangéran, karaos pisan, barélana. Padahal warawuh gé henteu. Meureun ieu anu disebut pepelakan mah kumaha urang. Urang melak kahadéan, geus tangtu ayeuna, isuk apa jaga gé, bakal kahadéan deui anu bakal kuurang ditarima. Eta mah geus rumus ti dituna. Tinggal sabarna.

"Abdi badé ka bumi Ambu." Lalaunan némbal teh, bari menerkeun posisi diuk.

"Muhun wios atuh ku Akang dijajapkeun dugi ka bumi, pami kitu mah," ceuk ibu-ibu éta deui.

Si lalaki unggeuk. Ikhlas bangunna mah. Saméméh nganuhunkeun, kuring ménta nomer telepon ibu Mimin, kitu ngaran ibu-ibu nu nulungan téh. Rèk dijadikeun dulur pakukumaha. Teu poho kuring nganuhunkeun ka si Enci. Cuék-cuék gé, geus méré tempat, masing saayana gé. Si Enci ukur mangkahadékeun, sangkan kuring sing ati-ati di jalan.

Kuring ditungtun Bu Mimin jeung Kang Rusman. Konci motor dibikeun ka Kang Rusman. Geus merenah diuk na motor, kuring jeung Kang Rusman ngageuleuyeung, bari dituturkeun ku teuteupna Bu Mimin. Kang Rusman tipeu lalaki anu talatén. Motor dibawa lalaunan, teu rurusuhan. Apik milihan jalan. Sajajalan teu pati loba anu diomongkeun. Sigana ngartieun, kuring moal pati ngeunaheun mun loba ditanya. Tapi ari teu ngobrol pisan, asa éra. Piraku teu nanya eutik- eutik acan. Basa-basi.

"Abdi tos 4 taun Bu, janten tukang par-kir payuneun toko emas éta téh." pokna, basa kukuring ditanya tiiraha gawé di dinya.

"Oh, muhun... Kapungkur mah, aya bapa- bapa anu suwing, anu sok markiran di dinya téh, nya Kang..." Ceuk kuring bari mukakeun kaca hélm. Eungap.

"Sumuhun, Mang Péndi. Ayeuna mah parantos almarhum."

"Innalillahi... Kutaaan, pantesan atuh."

"Muhun, pupus, teu damang asam urat saurna téh, Bu."

Kuring unggeuk, teu sadar yén Kang Rustam moal ningali kuring anu keur unggeuk.

 

***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KABELEJOG ASIH - Bagèan 16"

Posting Komentar