15
Saprak
panggih di tukang és kalapa ngora, kuring mimiti remen chat jeung Pa Irfan.
Saling curcor. Saling titip pasangan, bisi aya informasi anu sakirana
nyaangkeun jalan pikiran. Saling ngingetan. Asa aya batur pakukumaha.
Bingung ogé, rék laporan hal Néng Sari
téh, sabab Néng Sari gé babaturan kuring kénéh. Asa teu ngeunah, sieun majar
rék ngaruntag-keun
rumah tanggana. Sok komo can katohyan bener henteuna bobogohan jeung Si Robi. Sieun malah jadi
fitnah. Tungtungna mah, laporan ngeunaan Néng Sari, difilter heula ku kuring.
Teu saujratna teuing dibéjakeun ka Pa Irfan. Tapi kuring mah oomatan ka Pa
Irfan, sangkan
tong aya nu disumput-salindungkeun, saumpamana ningali atawa apal béja
ngeunaan Si Papah.
Salila ieu, euweuh nu matak
pibahayaeun. Manéhna soméah tur sopan. Jajauheun cunihin. Teu, teu saeutik gé.
Hiji mangsa kuring narima telepon ti Si
Dédéh, geus katebak, buruduuuul wé, eusi nu aya na haté ngaburudul. Teuing
atuh, ka Si Dédéh
mah, haté téh sok uduh, teu bisa rékép kana rusiah.
Pas dibèjakeun sok konték jeung Pa
Irfan, Dédéh malah ngageuhgeuykeun, cenah, kahadé bisi jadi kagémbang.
Kuring kéképéhan, teu
ruma-sa bakal
boga rasa lain ka Pa Irfan. Ukur batur curhat. Titik.
Bérés teteleponan jeung Dédéh, bangun
anu terus rasa, Pa Irfan nelepon. Kuring cicing babaraha detik. Antara diangkat
jeung henteu. Biasana mah, mun rék nelepon, manéhna sok nga-WA heula. Teuing mun pohoeun.
Lalaunan hénpon
dipencét kenop "tarima". Sora khas Pa
Irfan langsung minuhan rohangan haté. Tapi pas Pa Irfan méré nyaho permasa-lahan, kuring leuleus
meuyeu, lir dipupul bayu. Cenah Pa
Irfan ningali Si Papah
keur di toko emas "Sagara". Duh, Ya... Allah... Naaa ari lalaki, sok babari
pisan kaolo ku awéwé modél kitu. Racun dunya. Teu karasa, sugan, Si Papah mah, keur dikedut
ku Si Sofia Foréver.
Sora Pa Irfan geus teu puguh
kadéngéna. Awak asa disuntrungkeun, tuluy dibawa lumpat. Geus rérékép jeung
maké tiung sakeunana, belenyeng wé, kuring maké motor bari lahaolla. Ari
kapeurih mah teu bisa dikukumaha ku batur. Motor lumpat tarik pisan. Teuing
kabeneran teuing lain, tapi da lamun dititénan mah, sagala rupa gé taya nu kabeneran. Geus
diguratkeun ti dituna.
Bener ogé, mobil Si Papah markir kénéh di
hareupeun toko emas. Rét kuring ngarérét ka lebah jero toko. Euweuh duanana gé.
Tadina, kuring rék mapayan toko emas, dipikir-pikir, kacapé-capé. Mending
ngadagoan di gédéngeun mobil si Papah. Motor diparkirkeun di peun-taseunnana.
Kuring satengah keketeyepan, niat rék
ngahongkeun duanana. Panon poé anu éréng-éréngan geus teu dirasa. Késang ngucur
minuhan awak. Késang sagala rupa. Jantung ratug, leuwih-leuwih keur diberik jurig.
Panon rurat rérét kaditu kadieu. Geus teu genah cicing. Mobil nu parkir
gigireun mobil si Papah lalaunan mundur, tuluy indit. Ayeuna awak kuring ukur
kahalangan tihang umbul-umbul,
anu kabeneran nanceb gigireun mobil.
Kaén umbul-umbul luak léok katebak angina. Dua
dedegan nu kukuring keur didago-
dago, tembong
ngolébat. Gebeg, haté ngagebeg. Kuring
mundur saeutik, sangkan teu kacirieun ku maranehna, nu rék ka nu mobil.
Léngkahna beuki deukeut, beuki heureut. Haté asa dicampur beleson. Dar dér dor teu pararuguh.
Tas nu nyoléndang,
dikatukangkeun. Lalaunan kuring pindah ka tukangeun mobil. Leungeun si Papah digandéng ku Si Sofia, geugeut pisan. Sirahna
disarandékeun kana puhu
leungeun Si Papah.
Pas duanana aya di hareupeun mobil,
kuring ujug-ujug
wanian, maké daék nyampeur-keun
sagala rupa.
"Pah, na Papah rék kieu
waé?" kuring
neuteup seukeut.
Si Papah bangun anu kagét ujug-ujug aya kuring. Panonna
satengah nolol. Leungeun si Sofia lèsot sorangan. Kuring ngabetot leungeun Si Papah. Haté ngagugudag,
dada nyéak. Sigana mun neundeun liweteun, bakal asak saking ku ngagedurna.
Léngkah Si
Papah pered, sing horéng dita-han ku Si Sofia. Kuring mureleng, napsu
mimiti kapancing. Tadina mah, urusan téh rék jeung Si Papah wungkul, tapi kagok
ari geus kieu carana mah.
"Naon maksudna, Ibu ngahalangan salaki
batur?" kuring nantang.
"Ibu saha? Naon maksudna Ibu ngabe-benyèng Akang?" teu kireum-kireum, Si Papah diakangkeun ku
manèhna.
Sugan bongé. Geus puguh kuring
nyebutkeun yén anu dibenyéng téh salaki kuring. Beuki wé ceuceub.
"Ieu salaki abdi, Ibu saha? Ohhhh ieu anu disebut
pelakor téh? Perebut
laki orang? Aya ku
saé atuh, Bu... Sanés Ibu gé tos gaduh
carogé?"
Rey beungeut Si Sofia beureum. Teu puas
kitu, kuring
nambahan carita deui.
"Cik atuh Bu, tong hawek... Badé di ka manakeun Pa Rahman, sakitu
bageurna?"
kuring nyanyahoanan.
Plak.
Leungeun Si Sofia ujug-ujug ngagaplok beungeut.
Serrrr getih na sirah langsung naèk. Kuring napsu. Gampleng-gampleng Si Sofia digaplokan. Awakna
disurungkeun ka nu mobil. Tas solèndang kuring ragrag. Kuring ngamuk. Si Sofia ngalawan. Gep raramo Si Sofia kana tiung, tuluy
dibenyèng ka tukang. Kuring asa kacekék, leungeun kuring nyekelan leungeun
manéhna, anu keur
ngabenyéng tiung. Geus kacekel mah, gewewek kukuring digégél satarikna. Goak Si Sofia ngagoak. Leungeunna
leupas.
Si Papah misah, awak kuring jeung awak
Si Sofia dihalangan.
Leungeunna anu badag mampu jadi panghalang. Kuring dicarékan bé-béakan. Majar kuring teu
boga étika, majar bolo-ho,
teu éra ku sabudeureun, majar ngérakeun salaki. Kuring teu éléh-géléng, nyarita laklak
dasar hareupeun Si
Papah, yén Si Sofia mah ukur
ngamangpaatkeun.
Lain kadua sadar,
awak kuring
malah disurungkeun, terus nitah Si
Sofia asup ka nu mobil. Kuring neunggeulan si Papah gemes, bari ceurik. Anu
ngaliwat tungtungna mah narempo-keun, bari teu wani misah.
Ngan bangunna kararunyaeun ka kuring. Si Papah nyurungkeun awak kuring deui, bari nitah balik ka Ambu.
Langit ngadadak poèk mongkléng.
***
0 Response to "KABELEJOG ASIH - Bagéan 15"
Posting Komentar