Yasana Queen Erni
14
Satpam nu hokcay, ukur nuturkeun gerak-gerik kuring. Teu loba carita, kuring ngaja-lankeun motor lalaunan, ka luar aréa pabrik, bari bingung rék nuturkeun ka lebah mana. Apal pikieueun, baheula kungsi aya anu sok datang ka sakolaan, nawarkeun alat détéksi di mana ayana barang urang, mangrupa chip. Cara gawéna, si chip éta téh ukur ditémpél di tempat nu nyum-put, jarak 5 nepi 10 kilo mah, bisa kadétéksi. Kaduhung teu meuli. Tapi da kaduhung ayeuna mah, lain solusi.
Luak lieuk bingung, da geus puguh basa
mobil si Papah ka luar, teu kaciri, da kahalangan bénténg. Rét, ka si tétéh
tukang dagang loték, anu
di peuntaseun jalan téa... Keur
nundutan, geus moal eucreug, mun ditanya. Rét ka kios roko beulah kéncaeun
pabrik, keur diriung ku nonoman, bari cacalakatakan, bangun meunang kabungah nu
gedé. Nikmat pisan.
"Kang, punten, manawi aya nu
ninggal, mobil bodas anu nembé ka luar pabrik?" kuring wawanianan megat
obrolan nu aya di kios.
Anu keur saleuseurian langsung jep,
siga gaang katincak. Kabéh sakumna nu aya nempo
ka kuring.
"Kumaha, Téh?" nu boga
kios malik nanya.
"Muhun, manawi aya nu ninggal,
mobil bodas anu nembé ka luar ti pabrik, jig na ka palih mana?"
Sababaraha detik euweuh nu ngajawab,
ting haruleng, bangun keur ngaréka, nginget-nginget kajadian nu tadi geus kaliwat.
"Kadieu..." dua urang
lalaki, mani bareng ngajawab, bari tutunjuk. Hanjakal, leungeunna teu kompak. Nu
hiji ka lebah kénca, nu hiji ka lebah katuhu.
"Nu balég atuh, Sim, kumaha ngabéjaan téh, teu
kompak pisan." tukang kios nahan seuri.
"Oh, hatur nuhun... Wios...." kuring teu
loba omong.
Moal pibalégeun kieu carana mah.
Kuring mutuskeun nelepon Si
Sofia. Susuganan diangkat. Ah, dasar Forevpret, sababaraha kali dikonték, teu
diangkat. Tungtungna motor digas arah balik. Percuma da ditéangan gé, teu
puguh. Sajajalan mikiran Si
Papah nu geus tèga nga-nyenyeri.
Piraku kudu diduakeun
sing cilaka mah.
"Gusti... hapunten abdi... Na mani kieu-kieu teuing
lalakon hirup. Asa ku tebih sareng nu ngarana sakinah mawadah warohmah téh," kuring norowéco
sorangan.
Lebah tukang és kalapa ngora, kuring
niat rék istirahat, teu kuat ogé tikoro, halodo karasana. Saenggeus
dieureunkeun mah, konci motor dicabut. Gék diuk na korsi palastik warna héjo
ngora, anu geus disadiakeun. Tukang kalapa sigep. Ketrak-ketrak, kalapa dibeulahan.
Can gé mesen. Song kalapa diasongkeun.
"Ah Mang, kolot Ning, ieu mah." kuring
protés.
"Oh, kirang ngora, nya, Téh... Mémang, anu ngora mah,
langkung ngagoda, langkung seger,"
tèmbalna haré-haré.
Serrrrr getih asa lumpat gancang pisan
naék kana sirah. Maksudna naon, tukang kalapa maké ngomong-ngomong nu ngora.
Kasebelan. Asa hayang ninggangkeun kalapa éta tungtung-na mah.
"Badé nganggé cigula beureum,
moal, Téh?" tanyana.
Kuring horéam ngajawab. Ukur gideug.
Teuing kuring keur
sénsi sugan, tukang kalapa ngomong naon, dihartikeun kuurang naon.
Song kalapa anu lumého diasongkeun.
Teu poho séndok jeung sedotannana. Regot, regot, kuring ngaregotan, nikmat pisan. Tikoro anu
garing, jiga paceklik disiram hujan.
Keur ngeunah-ngeunah ngaregotan cai
kalapa ngora, ujug ujug aya mobil hareupeun. Reuwas ogè aya mobil Pa Irfan,
diparkir gigireun motor kuring pisan. Kuring rikat melong nembus jero kaca mobil.
Teu kaciri, da maké kaca pilem. Bangunna kaca pilemna anu ukuran 60 persénan.
Sora
panto mobil anu muka, ngagiring panon nuturkeun, nempo saha anu turun. Singhoréng Pa
Irfan.
"Mana Néng Sari, Pa?" kuring
cengkat.
Solongkrong leungeunna disolongkrong-keun. Pa Irfan imut. Duh,
éta imutna, teu éléh seger jeung kalapa ngora anu keur diregot.
"Ih, puguhan sugan téh nuju
sareng Ibu."
Gèk manéhna diuk gigireun.
Kuring ngeleter. Asa canggung. Diuk ngésér saeutik. Api-api méré tempat.
"Henteu, Pa... Acan kantos kontékan deui," témbal kuring bari
ngayun-ngayun suku.
Pa Irfan mesen kalapa ngora ogé.
"Duh, kumaha rék ngomongna, nya. Asa ku karagok. Hayang
amitan." haté galécok.
"Sanés, Bu... Abdi nembé ningal mobil
bodas, sapertos anu tuang Raka. Ari
sugan téh sareng ibu... Mung
ditididan, tapi teu ngawaler. Ari
pas ayeuna, ningal Ibu
nuju nyalira di dieu."
"Di mana, Pa?" jantung
mimiti ratug.
"Èta, di apoték Kasih, tapi duka
ayeuna mah, sigana tos teu aya."
Bener ogé, mun ngudag logika, ka apoték
paling rék meuli ubar. Moal ngadon lila, ari keur teu ngantri mah. Komo deui
ayeuna mah poé dines. Kuring nenang-nenangkeun manéh. Bari jeung nyobaan mikir
panjang.
"Duh, ku hanjakal, tadi basa keur
di pabrik bulu mata, teu ménta alamat imah Si Sofia Foréver..." kuring
ngocoblak sorangan na jero haté.
"Tambih deui, atuh, Bu... Kalapana." sora tukang
kalapa ngagètkeun lamunan.
Kuring anu keur nyedotan gelas kosong, langsung sadar. Tukang
kalapa nyéréngéh konéng.
Si kasebelan, geus néang gara-gara deui wé.
Rét kuring ka Pa Irfan, ukur leungeunna nu nga-manggakeun bisi rék pesen deui. Teu
ngomong, da keur anteng jeung sedotan ogé.
Kuring gideug sopan.
Nempo kuring kawas anu bingung, Pa
Irfan surti. Geus bérés-bérés
nginum kalapa mah, manéhna ngajak ngobrol lalaunan.
"Tong janten émutan, Bu... Sareng rérén-cangan kantorna, éta
téh."
"Sanès, Pa...justru sareng anu
dicuriga ku abdi téa... saleresna. Abdi
nuju ngudag aranjeuna, Pa... Mung
kabujeng mabur,"
kuring teu sadar, bet langsung curhat. Kagok.
"Ngudag ti mana, kitu?"
"Ti tempat damelna, Pa..
nyaéta..."
Tukang cikalapa bangun képo. Awakna
nukangan, tapi cepilna siga anu direbing-rebing. Kuring méré kodeu ka Pa Irfan. Curuk ngahaja
diantelkeun na biwir, supaya ngobrolna tong tarik teuing. Tukang cikalapa
bangun terus rasa keur diomongkeun. Lieuk, manèhna ngalieuk ka lebah kuring
jeung Pa Irfan.
Kuring asa katohyan.
***
0 Response to "KABELEJOG ASIH - Bagéan 14"
Posting Komentar