Pilihan Editor

Sang Pendidik Dalam Untaian Syair

"Sang Pendidik dalam Untaian Syair" adalah sebuah karya yang menghimpun puisi-puisi yang menggambarkan dedikasi dan peran penting ...

KABELEJOG ASIH - Bagéan 1

Yasana Queen Erni
 
1

  

"

Mah, Papah rék kawin deui, nya..."

Kuring anu keur anteng lalajo tipi, bari ngemil kuéh Mondé, ngadadak kaselek. Sababaraha kali kabeureuyan. Si Papah, tara-tara, maké hideng mangmawakeun cai dina dispénser. Leguk, cai ti Si Papah, dileguk lalaunan. Tuluy sababaraha kali dedeheman. Asa aya nu ngaha-langan tikoro. Asa ku manis èta Si Papah, watados téa. Na marukan boga pamajikan dua téh, teu lieur kitu? Anu enggeus-enggeus gé, geuning sok jadi ricuh.

Kuring teu nembal. Geuwat kaléng kuéh anu na lahunan, ditutupkeun. Tuluy diteundeun dina méja.

Acara tipi ngadadak asa jadi teu kahalarti. Gep rémot tipi dicokot, tuluy saluran dipindah-keun. Ka ditu, ka dieu, ka ditu deui, pusing. Papah teu loba komentar. Biasana mah sok protés, tipi kudu dina saluran berita waé. Tungtungna, tipi dipareuman.

"Cik, Mah, asa pararait létah, bangunna mun nyuruput cikopi, bakal keuna."

Ih, na ari lalaki. Geus ngomong anu pikanyerieun haté awéwé téh, lempeng maké hayang mang nyieunkeun cikopi sagala rupa. Na tina naon haténa dijieun? Ku euweuh rasrasan pisan. Kumaha mun cikopina diéngrinan, atawa dipurulukan nu pimatakeun.

Kuring ngajeten. Masih kapikiran omong-an Papah. Lain, lain heureuy ayeuna mah. Béda nada sorana. Kateken semu jero. Tuluy aya beban. Kuring apal pisan watek salaki. Lain karék sataun dua taun, lalayaran rumah tangga jeung Si Papah téh. Geus sawelas taunna. Lain waktu anu sakeudeung.

Kuring teu ngalayanan kahayangna. Léos wé ninggalkeun Si Papah anu anteng maca koran. Sup ka kamer. Gebru, ngabeubeutkeun awak sorangan. Gep kana bantal. Segruk ceurik dita-han. Sora ceurik ditutupan ku bantal. Bari ceurik, ras kana kakurangan diri. Emh, boa teuing ku lan-taran kuring teu bisa méré turunan ka manéhna, matak manéhna hayang kawin deui gé. 

Padahal mah, enggeus éta gé dipariksa mah. Boh kuring, boh salaki. Ceuk dokter mah, narolmal duanana gé. Teuing atuh, can dipercaya wé meureun teu boga turunan téh. Ceurik beuki rongkah. Sedih. Kacipta lamun bener kawin deui, ka nu ngora, geulis, seksi... alamat poho wé ka nu kolot mah. Komo mun tinu ngora dikersakeun boga bati, kacipta, geus bakal pipohoeun ka nu kolot kerejut mah. Umur geus nincak 50 taun, si Papah téh, boa enya manéhna keur begér mindo. Na atuh, saha anu geus matak nyieun haté Si Papah ngadua.

Panon karasa beuki beurat. Kahayang téh Si Papah nyusul ka kamer. Tuluy ngolo ka nu jadi pamajikan anu keur ambek. Didago-dago téh, teu norojol waé. Haté beuki ambek, ku lantaran capé ceurik waé. Reup wé kasaréan. Lilir-lilir téh, pédah aya sora klakson mobil nu ngaliwat, mani tarik. Koréjat, kuring ngoréjat. Keteyep cengkat, ngadeukeutan eunteung nu gigireun méja gawé. Buuk awut-awutan, panon carindul teu puguh. Jorélat, mangsa nu ka tukang, ngajorèlat narèm-bongan.

Mangsa harita, basa kuring léléngohan kénéh. Da sabenerna mah teu nyangka bakal kawin jeung Si Papah. Harita kuring geus boga papacangan urang Purwakarta. Babaturan kuliah, lanceuk tingkat. Lila ogé miara tali rasa téh, aya kana 4 taunna. Ari sugan téh bakal ngajodo. Tapi da geuning, nu dipikahayang kuurang, jadi lain carita. Der anu boga indung jeung bapa téh, maké aya acara réuni, tuluy ngarérémokeun kuring jeung anak babaturanana.

Mimiti panggih jeung Si Papah, éstuning biasa-biasa. Tapi lantaran nurut ka nu jadi kolot, ahirna kuring dipénta kaputusan ku Kang Yédi, rék milih manéhanana, atawa milih pilihan kolot. Kuring gé sabenerna mah geus meunang asak-asak ngitung. Malahan mah, kungsi dianteur ka Soréang, manggihan jelema pinter, sangkan pangmilihkeun jodo. Harita mah, resep wé kikituan téh, heureuy bari jeung babalédogan. Teu, sugan inget nu kitu patut téh lumpatna kana syirik. Astagfirullahaladzim.

Harita, duaan jeung Si Dédéh, ngajugjug tempat éta téh. Sarua Dédéh gé rék tatanya. Tungtungna sakali séwang dibaca ku nu pinter téh. Ari Dédéh mah salah tebakanana téh. Na ari ka kuring, mani bisa ceplés hampir 100 persén. Mimiti nyebutkeun kuring bakal kawin jeung anu dijodokeun, teu boga anak, nepi ka bakal hayang ménta kawin deui. Haté asa ujug-ujug hayang néang jelema pinter éta deui. Boa masih jume-neng. Da harita gé, asa sataun dua taun kolotna ti kuring, bangunna leuwih heula itu. Teuing kunaon, ieu leungeun meni lancar ngetik wapri ka Dédéh. Sobat kuliah téa.

Teuing kumaha, acara nga-chat asa ku lancar. Masing can kaciri dibaca ku Si Dédéh gé, nu penting usaha, jeung pesan kakirim. Kuring neundeun hénpon lalaunan.

"Mah..." ujug-ujug wé Si Papah, teuing ti iraha, geus aya di tukangeun.

Kuring neuteup hapa, kana eunteung.

"Mamah téh, geulis," cenah, bari nyoo buuk kuring, siga tukang salon, buuk dibeung-keutkeun. Tuluy dirumbaykeun deui, kitu jeung kitu wé.

Kuring angger teu méré réaksi, ngan ukur bisa kukulutus keuheul na jero haté. Keuheul masih minuhan dada.  Gep awak kuring ditangkeup ti tukang. Leungeunna ngaléng, tuluy sirahna, na sirah kuring.

Kuring peureum.

 ***

Subscribe to receive free email updates:

1 Response to "KABELEJOG ASIH - Bagéan 1"