Yasana Queen Erni
8
Kuring jeung Néng Sari papencrong-pencrong. Néng Sari pias, nempo ngaran anu nelepon. Kitu ogé kuring, jadi pipilueun bingung. Padahal pan ttos niat tadi gè, rék bébéja ka salaki Néng Sari. Ari ayeuna, ku lantaran kapiheulaan, kuring jadi bingung, sieun salah ngomong. Hénpon masih ngirining. Kuring méré kodeu ku halis jeung biwir. Néng Sari ukur unggeuk, pasrah. Tungtungna, kuring ngangkat telepon.
Bener wé, Pa Irfan nanyakeun pamajikan-nana. Kuring bébéja
saayana, yén pamajikannana
mémang aya di imah, jeung niat rék ngéndong. Pa irfan ukur nganuhunkeun. Teu
loba catur. Geus narima telepon mah. Kuring ngarénghap napas. Mani asa plong
pisan. Kitu ogé Néng Sari.
"Néng, ah, engké deui mah, teu
kénging kitu, hawatos Si
Bapa," kuring nyarita, tanpa melong manéhna.
"Sebel atuh, Tétéh, abdi téh mani
asa dipenjara
pisan... Bapa mah
ampun."
Kuring seuri leutik.
"Néng, bilih badé leleson, sok wé
tong asa asa, nya..."
ceuk
kuring, bari amitan rék salat, tuluy langsung
saré, saenggeus panto dikoncian.
Néng Sari pipilueun. Sup manéhna ka kamer
tamu. Panto dipéléngékeun saeutik. Tung-tungna
tipi dipareuman, da euweuh nu lalajo.
Kalebar-lebar listrik,
diantep sina hurung mah. Tara biasana sih,
tipi dipareuman. Tapi
bisi matak ngaganggu Néng Sari.
Léos kuring ka cai, tuluy abdas. Asa
kuseger. Ngahaja ari geus abdas, cai dina
beungeut tara diandukkan. Cenah mah, ngarah cahayaan. Wallahu.
Pas ngaliwat ka kamer
tamu, kadéngé sora Néng Sari keur teteleponan, bari seuseurian di tahan.
"Néng, bilih badé natepan,
mukenana aya di lomari, nyaa."
ceuk kuring, bari teu
ngada-goan
jawaban.
Bus kuring ka kamer. Rék sujud, pasrah
sumerah, curhat ka Nu
Maha Asih.
Sapanjang keur curhat ka Nu Kawasa, hawar-hawar kadangu
sora Néng Sari seuseurian,
bari ngobrol. Sigana jeung si Robi. Rada kaganggu oge sabenerna mah, jadi kurang husu ngadoa
téh. Jaba pipikiran inget ka Si
Papah. Sababaraha kali kuring istigfar. Geus bérés solat, gep kana hénpon. Rék
ningali WA salaki, sugan on. Haté samar rasa. Tétéla, teu on. Kuring suudzon,
boa-boa keur jeung Si Sofia nu itu.
Sora Néng Sari masih kadangu, sabener-na mah alus, jadi teu tiiseun teuing imah téh. Tapi kuring teu resep,
teu wè ari nyebut
antipasti mah. Gep
kana hénpon, jempol mencétan nomer Si Papah, susuganan diangkat.
Aya ari nada
sambung mah, lagu
mawar bodas, nu dijadikeun ringtun. Asa
beuki
karasa kanyeri
hate téh. Tuluy weh dihubung-hubungkeun, yén éta lagu téh, keur Si Sofia forever.
Teu diangkat.
Tétéla, Si Papah bener-bener geus teu maliré ka kuring. Awak leuleus. Haté
jeung batin, ceurik
balilihan. Tungtungna cipanon gé muruluk. Kuring nyungseb kana bantal. Sieun
Néng Sari apal. Teu karasa, kuring kasaréan, lilir-lilir pèdah kadenge sora tahrim. Waktu muka panto kamer,
kasampak Néng Sari geus aya di ruang tamu, keur diuk bari nyo'o hénpon. Pas
ngarérét, manéhna semu reuwas ningali kuring.
"Téh, kunaon èta, kuat carindul
kitu?" tanyana reuwas.
"Rieut wengi téh, asa nyut-nyutan soca téh,
Néng..." kuring ngawadul saeutik.
"Ka dokter, atuh, hayu atuh ku Néng dianteur."
Néng Sari nawaran.
Kuring seuri, tuluy ka dapur, maksudna
rèk nyieun citèh panas, jang Néng Sari. Song cai disodorkeun jeung kuèh
semprong. Léos ka cai. Sabot di cai,
kadangu Néng Sari bangun ngobrol. Sorana mah siga sora Si Papah. Kuring jadi kurang
konsén. Mandi gè asa teu puguh. Hayang gera buru-buru manggihan Si Papah.
***
0 Response to "KABELEJOG ASIH - Bagéan 8"
Posting Komentar