Pilihan Editor

Sang Pendidik Dalam Untaian Syair

"Sang Pendidik dalam Untaian Syair" adalah sebuah karya yang menghimpun puisi-puisi yang menggambarkan dedikasi dan peran penting ...

KABELEJOG ASIH - Bagéan 4

Yasana

Queen Erni

4

 


Ti saprak kajadian nimu dompét, kuring jeung pamajikan Pa Irfan, jadi deukeut. Sok remen nga-WA ogé. Mimitina mah, biasa wé ukur basa-basi. Kadituna, asa jadi sok curhat. Nya, mimiti mah, biasa wé, teu pati kaganggu. Lila-lila ari unggal usik curhat mah, lumayan leneng ogé. Mamah Dédéh lain.

Komo curhatna téh, mun bari ngajak kulinér. Sakali dua kali, atoh jeung resep. Lila-lila, enek ogé. Bosen kudu ngadangukeun curhatan salakina anu galak, remen nyiksa, KDRT. Percaya teu percaya sih, ningali tongkrongan dedeg sala-kina anu bangun ngajaga wibawa mah. Boraah méré papatah, da kahirupan rumah tangga kuring jeung si Papah gé, ayeuna mah asa keur camplang.

"Téh, aya acara, teu... jalan-jalan, yu..." Nèng Sari, pamajikan Pa Irfan, nga-WA.

Hayang teu hayang sih, sabenerna mah. Hayang, da di imah gé asa kareuheul waé ka Si Papah. Teu hayangna, cepil sieun didedet-dedet obrolan curhat manéhna. Tapi tungtungna kuring nyanggupan. Néng Sari rék nyampeur jam 10-an. Aya waktu sajam jang siap-siap indit. Jam anu ngagantung di témbok, geus ampir rék jam 10, kuring buru-buru nyokot sendal dina rak sapatu. Ngahaja milih sendal anu rada jangkung, ngarah modis.

"Ka mana, Mah... Bangun rurusuhan." Si Papah nanya, bari rada kerung nempo kuring, nu bangun gurunggusuh.

"Mamah rék jeung Néng Sari, ulin, Pah." gep leungeun salaki dicokot, tuluy dicium saper-luna. Basa-basi.

Papah teu nyaram. Tapi ngilu cengkat, nuturkeun kuring ti tukang.

Tidiiiiiiid.

Sora klakson mobil Jazz warna konéng èlèktrik, nididan ka lebah imah kuring. Lalaunan kaca mobil diturunkeun. Kasampak Néng Sari unggeuk bari seuri. Geulis pisan. Kuring satengah lumpat moro mobil manéhna.

"Bapaaaa... tétéhna ditambut, nyaaaa..." sora Néng Sari, balap jeung sora mesin mobilna.

Papah unggeuk, katempo ku kuring anu geus aya na jero mobil.

"Téh, bageur si Papah mah, nyaaa."

Kuring ukur seuri.

"Ka mana ayeuna, Néng?"

"Sok ka mana atuh... urang facial, yu, Téh, ngarah jadi kinclong..." leungeun Néng Sari lin-cah, nu kénca kana setir. Anu katuhu, ngorék tip, néangan lagu.

Lalaunan sora Si Raisa nu halimpu, minu-han rohangan. Karék gé 4 menitan, kirining sora hénpon Néng Sari disada. Kuring hideng ngaleu-tikan volumeu tip. Néng Sari ngajawab yén manéhna keur ulin jeung kuring. Sigana telepon ti salakina. Manéhna maké héadsét.

Teu kungsi lila, sora hénponna ngirining deui. Tuluy Néng Sari uplek, lila pisan. Kadang seuseurian manja, kadang ngajawabna ngodeu, bangun sieun katohyan ku kuring. Sigana jeung lalaki, tapi lain Pa Irfan.

Kuring api-api pésbukan.

Obrolan Néng Sari jeung lalaki misterius, sapat nepi ka salon. Sigana mun euweuh kuring, èta obrolan bakal nuluy. Bangun anu keur begér.

Kuring jeung Néng Sari asup ka salon. Sabenerna kuring mah, jarang pisan sulan-salon téh. Malah, bisa kaitung tara. Tapi dipikir-pikir euweuh salahna, sasakali ka salon. Sok komo bari aya nu mangmayarkeun mah. Katempo palayan salon, bangun nu geus dareukeut pisan. Teuing basa-basi, teuing lain. Lumayan ngantri ogé, ngadagoan giliran téh. Meunang nomer lumayan rada ngangkleung.

Salila ngadagoan giliran, Néng Sari tete-leponan deui. Bangunna jeung nu tadi. Uplek deui, mamanjaan deui, seuseurian sorangan deui. Kuring ukur hokcay. Eureun-eureun téh, pèdah si tétéh salon ngageroan. Kuring noél leungeun Néng Sari, bari ngodeu ku ngamonyongkeun biwir. Néng Sari cengkat, tuluy ngagolédag kana kasur, pagédéng-gédéng jeung kuring.

Pipi, irung, jeung tarang, karasa mimiti diolésan ku krim anu seungit malati. Lalaunan, bari dipencétan. Tuluy karasa kapas disusut-susut kana pipi. Nyalsé, nepi kasaréan. Lilir sotéh, pédah Néng Sari ceuceuleukeuteukan sorangan deui waé. Kuring mimiti teu resep, tapi can wani ngageuing. Lain nanaon, bisi kasinggung, bari can puguh jeung kabogohna, atawa ukur baba-turan curhatna. Matak can wani gé. Bener ogé, bérés difacial mah, rarasaan téh beungeut asa kinclong.

Waktu rék mayar, Nèng Sari hideng mangmayarkeun. Lain duit saeutik padahal mah. Kuring cicing. Atoh teu atoh, sok sieun jadi hésé males budi.

Mobil diarahkeun ka réstoran. Kuring teu loba ngomong. Waktu sup, aya lalaki ngora, bangun geus ngadagoan tiheula. Dedegan ciga pamaen sinètron, urut kabogoh si Laudya Cintya Bélla. Pédah teu gondrong wungkul. Umurna, 27 taunan. Manéhna uluk salam. Tuluy cipika cipiki. Kuring hokcay deui waé.

 

***


 

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KABELEJOG ASIH - Bagéan 4"

Posting Komentar