Pilihan Editor

Sang Pendidik Dalam Untaian Syair

"Sang Pendidik dalam Untaian Syair" adalah sebuah karya yang menghimpun puisi-puisi yang menggambarkan dedikasi dan peran penting ...

KABELEJOG ASIH - Bagéan 3


Yasana Queen Erni

3

Lapar, sih lapar, tapi angger wé, sabot ngahanca téh, pipikiran mah kurang pokus, da aya dompét panimu téa. Tas nu diteun-deun na luhureun méja, saeutik dipéléngékeun, ku jempol jeung ku curuk. Tétéla aya. Memang tatadi gé tas teh dikeukeuweuk. Karasa hate ngemplong.

"Sofia, mani anteng ngaéfsi sosoranga-nan..." sora ujug-ujug gigireun cepil.

Ret kuring ka lebah datangna sora. Katingali imutna Lia, babaturan senam aérobik.

"Aéh, geuning si kamu... hayu atuh urang ngadon ngaéfsi." tembal kuring bari nunjuk korsi nitah diuk.

Gék Lia diuk bari nitah diuk ka budakna anu masih kelas 3 SD. Budakna ukur nempo ka indungna, bari semu jamedud, bangunna em-bung diuk di dinya.

"Bentar, nya... cantikku... Bunda mau ngobrol dulu sama temen Bunda... sebentar, da...."

Kuring atoh ogé, sabab, niat ka kaéfsi gé sabenerna mah salain ngadon dahar, ogé rék mukaan dompét.

"Lain, Jeng... naha tara aerobik deui... aya instruktur anyar... cuco nu ieu mah."

"Ah, asa barosen, Ceu... Jeung asa loba pagawéan teu puguh, padahal pembantu aya ieu téh..." tembal kuring, bari ngelapan ramo ku tissue.

"Ih, pokona instruktur nu ieu mah, béda... Kasep deuih. Hayu atuh, ke badan bisi melar deui, ihhh... gak mau, khan, suami berpaling ti urang.... qikqikqikqiqk..."

Rey pipi karasa panas. Apal, Lia lain rék nyindiran ka kuring, tapi da répléks eta mah. Jleb pisan karasana, kana kaayaan kuring ayeuna.

"Siap, lah... ke dikonték deui." Ceuk kuring seuri leutik.

Ku lantaran budakna teu daék cicing, tungtungna Lia amitan rek diuk jeung salakina, anu nungguan na korsi nu rada jauh ti kuring. Salakina ukur unggeuk, tuluy nuluykeun maen hénpon. Budakna atoh, tuluy nyium tonggong leungeun.

"Hayu atuh, Cin... Sing jongjon."

"Siap... Sok." Ceuk kuring pondok. Suru-put kana Cocacola gelas badag. Seger, jadi teu sebel.

Saenggeus ngumbah leungeun, kuring diuk deui. Tuluy muka tas deui. Gep dompet dicokot. Diilikan deui. Tuluy dibuka lalaunan.  Sababaraha kartu numpuk di beulah kénca. Mimiti KTP, SIM mobil, ATM aya kana 3-na. Duh, tangtu anu bogana sedih pisan. Gep KTP dikoér.

M. Irfan Fadillah. Umur 48 taun. Peker-jaan pagawé Dinas Pekerjaan Umum.

Kuring ngilikan bulak-balik éta KTP. Enya, kieu carana mah kudu dibalikkeun buru-buru. Tapi horéam mun ka kantor pulisi. Jauh deui. Jaba mun dipaksakeun ayeuna kaburu magrib mantén. Paling isukan mun di ka kantor pulisikeun mah. Ayeuna mending néang nomer hénponna. Susuganan aya kasulap-selip. Kuring kokoréh deui. Di jero dompétna, aya duit 300 rébu,  récéh 20 rebuan 3 lembar, jeung  5 rébuan 3 lembar. Tuluy aya nota urut meuli oli jeung coolen. Kuring mukakeun deui dompétna, anu mémang aya sababaraha lawang. Aya kartu nama.

Alhamdulillah aya nomér anu bisa dihu-bungan. Jempol jeung curuk lincah neang éta kontak. Alhamdulillah, aya WA-an geuningan. Kaciri foto profilna, keur maké kaos bodas, jeung calana pondok satuur. Manéhna keur nyébor kekembangan di buruan. Eusi wapri kuring, ukur ngabéjaan, yén dompétna aya di kuring, tinggal candak. Céklis dua masih can biru, berarti can dibaca. Tapi teuing, boa diséting teu kabaca ku batur, jadi warnana moal robah. Selang 10 menit, céklisna geus robah jadi warna biru. Kuring reugreug, berarti geus dibaca. Tapi euweuh balesan waé. Kuring cengkat, niat rek ningalian sapatu atawa baju téa, meumpeung can sore teuing.

Pas keur anteng ningalian baju, hénpon disada. Tétéla tinu boga dompet. Kuring gan-cang narima, susuganan éta dompét geuwat-geuwat katarima ku manéhna.

"Assalamualaikum, leres ieu sareng anu mendakan dompét abdi?" Sorana halimpu, sim-pati, sigana jelema intelék.

"Leres pisan, Bapa... Abdi mendakan dina angkot tadi téh, tangtos Bapa kaicalan pisan, margi seueur kartu-kartu penting."

"Aduh, Alhamdulillah, rada reugreug ayeuna mah. Dupi ibu, bumi di mana?

"Komplék Batu Asih, bumi mah, namun ayeuna nuju di supermarkét, manawi nuju jalan-jalan."

"Duh, pami teu kaabotan, kumaha pami ku abdi dibujeng ka dinya, Bu?"

"Mangga teuing, Pa... Supados abdi gé teu aya beban. Janten uih ka bumi ngemplong." témbal kuring, bari terus ngilikan baju.

Saenggeus jangjian, kuring nuluykeun cuci mata, bari ngadagoan Pa Ifran. Lumayan rada lila, aya kana satengah jamna tina jangjian, sora hénpon disada deui. Aya WA, yén manéhna geus aya di És Télér 77, korsi kaopat. Kuring buru-buru ka dinya. Ti kajauhan, kasampak Pa Irfan duaan, sigana jeung pamajikanana. Saeng-geus deukeut, kuring uluk salam. Katempo pasangan éta kacida marahmayna. Kuring diuk. Ditawaran bisi rék ngabaso atawa dahar, kuring milih és campur. Pa Irfan jeung pamajikanana mani serasi. Geulis jeung kasép. Ngan bédana, geulisna bangun kurang seukeut pikiranana. Bangunna.

***

x

Subscribe to receive free email updates:

1 Response to "KABELEJOG ASIH - Bagéan 3"

  1. SAE alur Caritana jadi pinuh ku panasaran tiap maca per bagean

    BalasHapus