Pilihan Editor

Sang Pendidik Dalam Untaian Syair

"Sang Pendidik dalam Untaian Syair" adalah sebuah karya yang menghimpun puisi-puisi yang menggambarkan dedikasi dan peran penting ...

KABELEJOG ASIH - Bagéan 2

Yasana Queen Erni

2


"Lain Papah teu nyaah deui ka Mamah." 

Celengok buuk kuring dicium. Cipanon teu karasa ngaburubut. Teu bisa dikompromian. Kuring tetep matung. Cipanon na pipi, lalaunan disusutan ku raramo Si Papah. Kuring rikat nyurungkeun awakna sina ngajauhan. Si Papah teu loba uget. Léos, manéhna ngaléos.

Gebru panto satengah ditajong ku suku kénca, ngarah nutup. Kuring cengkat, tuluy ngonci. Bru deui, ngabeubeutkeun awak kana kasur. Hirup mani asa hapa. Padahal salaki karek érék ngomongna gé. Komo lamun teu bébéja heula. Kacipta. Palias, bararaid.

"Bu..." sora nyi Èpon, pembantu kuring, lalaunan ngageroan. Leungeunna keketrok.

Kuring cengkat, teu wasa pipilueun ijid ka pembantu anu teu tuah teu dosa. Cekrék, panto kamer dibuka. Nyi Épon semu olohok, nempo panon kuring anu carinakdak.

"Kumaha, Nyi?"

"Damelan tos bérés, Bu... Abdi badé wangsul."

Kuring unggeuk.

"Candak pindang anu na bungkus koran, gigireun wadah bumbu, Nyi."

"Hatur nuhun atuh, Bu." Léos, Nyi Èpon ngaléos deui ka dapur.

"Bapa ka mana, Nyi?"

"Tadi mah ngobrol sareng Pa Ayi di payun, Bu." Cenah, bari langsung uluk salam.

Kuring unggeuk, ngajawab salamna.

Kuring niat rék ngajugjug imah Dédéh, da di-WA teu malesan waé. Baé, itung-itung silatu-rahmi ari kitu tèa mah. Tapi moal kana motor. Rék naék angkot wé. Maklum, ari keur kondisi pipikiran teu merenah kieu tèh, sok jadi sieun malaweung. Der kalah kacilakaan.

Ku lantaran sieun kaburitan, kuring rada buru-buru dangdan gé. Teu mandi soré, niat téh, engké wé balik ti imah Dédéh. Ukur sipeunteu, terus maké alas wedak jeung diwedak ipis. Maké lipen anu warnana rada caang, ngarah teu kaciri teuing geus ceurik. Lomari rusuh dibuka, panon lincah niténan warna tiung nu kira-kira asup kana warna baju. Kuring ngadudut kurudung warna dasar hideung, motif héjo toska. Dikurudung gé sakeunana, teu cara biasana, sok dibulat-beulit. Lomari ditutupkeun deui. Tas anu ngagantung di kapstok pakéan, dibawa. Teu poho kana hénpon. Saméméh indit, kuring nulis na keretas sacewir, bébéja ka Si Papah.

Mamah ka babaturan. Soré wangsul.

Ngahaja teu liwat hénpon. Bisi teu meu-nangeun. Masing keur paséa gé, kurang kumaha, kuring mah sok bébéja kénéh. Sok sieun jadi pamajikan anu doraka ka salaki. Der kuburan nyempitan, kéh jaga. Modél judul na sinétron.

Saenggeus ngonci panto, tuluy kuring neundeun konci dina pot gantung hareupeun jandéla kamer. Si Papah gé geus apaleun, da mémang sok diteundeun didinya. Ari diteundeun na handapeun kékéséd mah, atawa luhureun méteran listrik, éta mah geus jadi rusiah umum. Bangsat gé geus arapaleun. Matakna teu di dinya. Panto pager mah, teu dikonci. Karunya kénéh ka salaki, piraku kudu naék pager anu jangkungna sadada awéwé déwasa.

Megat angkot tara hésé, da mémang kaliwatan. Tapi geus sababaraha hiji angkot anu liwat, ngan pinuh jeung pinuh waé. Bener-bener nguji kasabaran. Bari ngadagoan angkot, kuring muka hénpon. Tétéla Dédéh geus malesan, malah nyanggupan ulin ka imah jelema pinter téa. Tapi manèhna can balik ti imah mitohana. Masih mudik kénéh. Ku lantaran kagok geus saged, tungtungna kuring mutuskeun tetep rék iinditan. Kamana wé, kumaha engké.

Teu kungsi lila, torojol angkot kosong. Kaciri ukur supir nu dihareup, jeung panumpang nini-nini. Hiji deui, budak abégé. Mémang geus kabiasaan, maén hénpon téh, teu di mamana. Teu pangacualian na angkot oge. Lumayan ubar baeud. Sok aya wé nimu pikaseurieun. Saeng-geus wareg mah, hénpon diasupkeun kana tas.

Sabot ngasupkeun hénpon kana tas, sajorélatan panon nempo barang di juru angkot. Tétéla dompét kulit. Dompét lalaki, lantaran modelna, jiga dompét  lalaki. Kuring melong ka supir nu keur anteng nyupiran. Teu ngobrol jeung nini-nini gigireunnana, horéam bangunna mah. Tuluy ngarérét ka budak abégé anu keur jongjon maén hénpon, bari cungar cengir.

Dompét dikoér ku suku kénca. Ngagésér, ngadeukeutan. Lalaunan ku kuring dicokot. Para-lun lain hayang eusina, puguh karunya ka nu bogana. Mana teuing riwah-riwih ayeuna téh, keur néangan. Tètèla dompèt mahal. Aya hurup P bulenek, rada miring saeutik, di juru handap beulah kèncana.

"Papillon." kuring ngagerentes na haté.

Moal kurang ti 450 rébu hargana. Dom-pét diilikan, tapi can wani muka jerona. Haté ngilu tagiwur. Insyaallah moal kagoda naon nu aya di jero. Matak kieu gé, kuring ditunjuk ku Nu Maha Asih, sangkan malikkeun. Haté panceg rék mukaan ieu dompét, engké di Yogja Dept. Store. Enya ah, mending ulin Ka dinya. Rék cuci mata. Sugan wé aya baju atawa sapatu nu dipika-bogoh. Biasa ari awéwé mah, lumpatna sok ka nu kararitu, ari keur parusing teh. Ayeuna mah, asa teu hayang ngabaso. Sababaraha kali ngaliwatan tukang baso nu ngeunah, masih parinuh kènèh.

Kuring nepi ogè ka Yogja. Beuteung karasa lapar. Saméméh ningalian baju, kuring rék ngadon ka KFC heula. Méh jongjon. Teu pati pinuh, lolobana barudak abégé. Saenggeus meunang pesenan, pingping handap, sangu jeung Cocacola, baki dibawa kana korsi sofa anu pangjuruna. Lumayan rada sepi.

***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "KABELEJOG ASIH - Bagéan 2"

Posting Komentar